Hirup Rukun Sauyunan Bahasa Sunda Kelas 6 Sub Tema 1 Pangajaran 2
Andelina.me -
semoga sehat selalu. Pada artikel ini kamu akan mengetahui lebih banyak tentang
Bahasa Sunda, mengenai Hirup Rukun Sauyunan Bahasa Sunda Kelas 6 Sub Tema 1 Pangajaran 2. Untuk lebih jelasnya simak ulasan lengkap di bawah ini.
Untuk berdiskusi tentang Hirup Rukun Sauyunan Bahasa Sunda Kelas 6 Sub Tema 1 Pangajaran 2, silahkan tulis pada kolom komentar atau bisa menghubungi dengan klik menu kontak di blog ini, dan share info ini sebanyak-banyaknya ke media sosial kalian ya ^-^ Semoga bermanfaat, salam Pendidikan!
Artikel ini sudah publish dengan link https://www.andelina.me/2023/02/hirup-rukun-sauyunan-bahasa-sunda-kelas.html.
Disclaimer: Setiap artikel yang berhubungan dengan soal-soal beserta kunci jawabannya, bertujuan untuk membantu siswa belajar dalam persiapan menghadapi UTS/PTS maupun UAS/PAT di sekolah. Tidak ada unsur membocorkan soal yang sifatnya rahasia.
Daftar Isi
Penca Silat
A. Wacana
Penca silat atawa penca téh seni béla diri tradisional nu asalna ti Indonésia. Di Indonésia, ieu penca téh hirup di suku bangsana, di antarana baé di Minang, Sunda, Jawa, jeung Bali. Salian di Indonésia ieu seni béla diri téh nyampak jeung hirup ogé di Malaysia, Brunéy, Singapura, Filipina Selatan, Jeung Thailand. Malah di Vietnam ogé ayeuna mah aya penca ogé, sabab diwanohkeun ku jawara-jawara penca ti Indonésia.
Penca ngandung opat aspék, nyaéta: méntal spiritual, seni budaya, olahraga, jeung béla diri. Jéntréna mah kieu. Nu diajar penca, ku guruna sok diajarkeun kumaha carana ngadalian émosi, ngalatih kasabaran jeung tahapan – tahapan séjénna. Nu diajar penca ogé, utamana ditatar Sunda diajar kaéndahan gerakan nu disebut “ Kembang.” Urang Sunda atawa suku bangsa séjénna upama mintonkeun penca sok dibarengan ku wirahma lagu.
Di tatar Sunda mah matak sok disebut “kendang penca” da dipirig ku kendang jeung tarompétna. Nu diajar penca ngalakukeun olah raga, lantaran dina penca aya gerakan nu puguh éntép seureuhna nepi ka nu menca perlu tanaga jeung ngaluarkeun karinget. Nu pamungkas, nu diajar penca tangtuna boga maksud pikeun mertahankeun dirina tina sagala tina sagala bahaya.
Penca jadi alat dina ngabeungkeut rasa duduluran sangkan guyub di Nusantara. Diajar penca lain pikeun néangan satru kabuyutan tapi pikeun népakan kanyaah ka sasama. Salian ti éta, nya pikeun kaséhatan, kaéndahan, jeung pertahanan diri.
B. Harti Kecap
- Wanoh = wawuh, kenal.
- Jawara = juara, jalma jago.
- Jéntré = écés, jelas.
- Kembang = penca igel, penca ibing, seni penca.
- Ngadalian, kadali = nahan.
- Mintonkeun, pinton = témbong, némbongkeun.
- Wirahma = aturan lagu nu ngeunah kadéngéna, irama.
- Pamungkas, pungkas = panungtung, tungtung, ahirna.
- Ngabeungkeut = ngahijikeun.
- Guyub = akur, rukun, babarengan.
- Satru kabuyut = musuh, lawan.
Ikuti terus Andelina.me di aplikasi Google News klik following, dapatkan update
Bahasa Sunda terbaru dengan sangat mudah.
Untuk berdiskusi tentang Hirup Rukun Sauyunan Bahasa Sunda Kelas 6 Sub Tema 1 Pangajaran 2, silahkan tulis pada kolom komentar atau bisa menghubungi dengan klik menu kontak di blog ini, dan share info ini sebanyak-banyaknya ke media sosial kalian ya ^-^ Semoga bermanfaat, salam Pendidikan!
Artikel ini sudah publish dengan link https://www.andelina.me/2023/02/hirup-rukun-sauyunan-bahasa-sunda-kelas.html.
Disclaimer: Setiap artikel yang berhubungan dengan soal-soal beserta kunci jawabannya, bertujuan untuk membantu siswa belajar dalam persiapan menghadapi UTS/PTS maupun UAS/PAT di sekolah. Tidak ada unsur membocorkan soal yang sifatnya rahasia.
Super ThanksSilahkan yang ingin mentraktir Admin, Dana akan digunakan untuk pengembangan website ini
www.andelina.me, Terima kasih.